Lalakon Kadalon Dalon
Ka Deri Hudaya teh geus asa ka adi sorangan bubuhan misobat jeung lanceukna. Kungsi hirup sagulung-sagalang jeung manèhna, ceuk paribasana nu didahar ku inyana nya èta nu didahar ku kuring. Lain sakali dua kali sili iluan mulang ka lembur. Nya basa Adina (Deri) anyaran ka Bandung ogè pan langsung dititipkeun ka kuring, majar hayang diajar nyarpon jeung nyajak dina Basa Sunda, da cenah rèk nyupri èlmu di UPI Jurisan Basa jeung Sastra Sunda. Atuh pok tèh "naha bisa naon kuring bet kudu mapatahan? Justru geus bener jalurna rèk asup ka UPI mah. Di ditu gudangna." Ari ceuk Deri cenah rèk ngalalanyah heula wè. Kituna tèh bari tuluy mondok moèk sababaraha kali mah, ngadon buku-buka kana pabukon anu teu welèh runcang-rancing. Calakan puguh Deri mah, heuleut ti harita tèh ujug-ujug manggihan carpon-carponna dina Galura jeung mèdia sèjènna. Anyar asup kuliah padahal mah. Nya harita ogè kungsi reureujeungan deui dina Bèngkèl Ngarang jeung pangarang entraganana. Reueus puguh kiwari geus medalkeun karya nyongcolangna satutas getèn nerjemahkeun "Dèng" yasana Kang Prebu Godi Suwarna kama Basa Indonesia.
#admin #ads #adsense #advertising #affiliate #ajax #analytics #api #author #buddypress #button #calendar #categories #category #chat #code #comment #comments #contact #contact #form #content #css #custom #custom #post #type #dashboard #e-commerce #ecommerce #editor #email #embed #events #facebook #feed #form #forms #gallerygoogle #google #analytics #html #image #images #javascript #jquery #lightbox #link #links #list #login #marketing #media #menu #meta #mobile #multisite #navigation #news #newsletter #notification #page #pages #payment #payment #gateway #photo #photos #plugins #popup #post #posts #redirect #responsive #rss #search #security #seo #shareshortcode #shortcodes #sidebar #simple #slider #slideshow #social #socialmedia #spam #statistics #statstag #tags #theme #tinyMCE #tracking #twitter #url #user #users #videowidget #widgets #woocommerce #youtube #instagram #education #village #book #books #literasi #baca #tulis #membaca #menulis #kreatif #baca #komunitas #komunitasngejah #terbaru #berita #belajar #berbagi #baru
