RAKSA LIR IBARAT WANGSA
Lir
kacindek dina lamunan
Ngahaleuang nyisir pasisir
Mencrang ku saban pangaweruh
Manceg ku sabab panineungan
Jug indit tiap isuk
Neang balad pikeun ngaririncik
Tiap
engkah nu teu karasa
Batin
ngajerit lir ibarat raksa
Unggal
poe kuring indit
Unggal
poe kuring neang pangaweruh
Tiap isuk kuring carita
Tiap isuk kuring ngacipta
Hilir – hilir angin ngagelebu
Niupkan sagala panyampeuran
Teu kaliwat unggal isuk
Teu kaliwat unggal beurang
Diuk dina sudut bari ngahaleuang
Ngucapkeun do’a nu di pikaweruh
Ngahuleng bari neang pangaweruh
Ngucap syukur pikeun pangarti