Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

RAKSA LIR IBARAT WANGSA


Lir kacindek dina lamunan
Ngahaleuang nyisir pasisir
Mencrang ku saban pangaweruh
Manceg ku sabab panineungan

Jug indit tiap isuk
Neang balad pikeun ngaririncik
Tiap engkah nu teu karasa
Batin ngajerit lir ibarat raksa

Unggal poe kuring indit
Unggal poe kuring neang pangaweruh
Tiap isuk kuring carita
Tiap isuk kuring ngacipta

Hilir sumilir angin ngagelebu
Niupkan sagala panyampeuran
Teu kaliwat unggal isuk
Teu kaliwat unggal beurang

Diuk dina sudut bari ngahaleuang
Ngucapkeun do’a nu di pikaweruh
Ngahuleng bari neang pangaweruh
Ngucap syukur pikeun pangarti